Monday, 16 January 2017

Babasan jeung Paribasa



Babasan jeung Paribasa
Karya: Rizki Siddiq Nugraha

babasan jeung paribasa
A. Babasan
Babasan nya éta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku sararéa, atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman.
Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nya éta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna.
Janten babasan nyaéta ungkara basa winangun kecap kantétan atawa frasa, anu susunanna geus matok sarta ngandung arti injeuman.
Aya tilu jenis babasan, nyaéta:
1. Babasan wangun kantétan
Babasan wangun kantétan nyaéta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu ngandung harti injeuman. Ciri-ciri babasan wangun kantétan nyaéta: a. diwangun ku dua kecap atawa leuwih atawa mangrupa kecap kantétan; b. unsur-unsurna dalit atawa raket teu bisa diselapan ku unsur séjén; c. mibanda harti imajinatif atawa harti teu sabenerna.
Contona:
a. gedé hulu = sombong, adigung.
b. akal koja = kapinteran dipaké nipu batur.
c. kurung batok = tara indit-inditan.
d. ipis biwir = babari ceurik.
e. hejo tihang = pundah pindah tempat pagawéan.
f. panas barang = sirik ku kaayaan batur.
g. atah anjang = langka silih anjangaan.
h. amis budi = hadé paroman.
2. Babasan wangun frasa
Babasan wangun frasa nyaéta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu hubungan antar unsur-unsurna ranggang teu dalit, sarta ngandung harti injeuman.
Contona:
a. dug hulu pet nyawa = usaha satékah polah.
b. hutang salaput hulu = hutang kaditu kadieu.
c. kandel kulit beungeut = jalma euweuh ka éra.
d. murag bulu bitis = teu betah cicing di imah.
3. Babasan wangun rundayan
Babasan wangun rundayan nyaéta babasan anu ngaliwatan proses ngararangkénan, boh binarung jeung ngarajék, ngantétkeun boh henteu, sarta ngandung harti injeuman.
Contona:
a. disakompetdaunkeun = disaruakeun jeung kasalahan batur.
b. dibejerbéaskeun = dibéjakeun sabenerna.
c. geutas harupateun = gancang napsu.
d. ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna.
e. paanteur-anteur julang = silih anteurkeun.
f. buntut kasiran = medit
g. ngadaun ngora = kaayaan jadi ramé.

B. Paribasa
Paribasa nyaéta ungkara basa anu diwangun ku dua frasa atawa leuwih anu eusina mangrupa luang jeung papagon hirup di masarakat, sarta ngandung harti injeuman.
Salmun (1958, hlm. 18) nétélakeun yén "…papasingan  paribasa disawang tina rupa-rupa hal". Saperti ditilik tina gelarna, ditilik tina basa kabujanggaanna, tarjamahan tina basa asing, disawang tina sumber babandingan (ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur, ngaran sasatoan, ngaran tutuwuhan, ngaran kayaan alam, ngaran barang, jeung ngaran laku lampah. Jadi "…boh babasan boh paribasa sarua pakéman basa nu umumna dipaké ku saréréa pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna" (Yus Rusyana, 1984, hlm. 28). Babasan ogé paribasa disusun mangrupa kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun, susunannana ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun, sabab lamun dirobah tangtuna hartina ogé jadi robah.
Paribasa Sunda dibagi tilu golongan nyaéta:
1. Paribasa wawaran luang
Mangrupa paribasa anu eusina ngébréhkeun pangalaman di masarakat anu geus lumrah sarta bahan picontoeun atawa babandingan hirup.
Contona:
a. adat kakurung ku iga = kabiasaan anu hésé dipiceunna.
b. buruk-buruk papan jati = goréng-goréng ogé dulur sorangan.
c. awéwé dulang tinandé = istri mah kudu nurut ka salaki.
d. deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi euweuh nu nyahoeun
e. kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa.
2. Paribasa pangjurung lakulampah hadé
Nyaéta paribasa anu eusina ngébréhkeun hiji hal nu dipigawé atawa mangrupa naséhat.
Contona:
a. nété tarajé nincak hambalan = migawé satahap-satahap, henteu rurusuhan.
b. ngindung ka waktu ngabapa ka jaman = nyalutukeun manéh jeung kaayaan jaman.
c. tungkul ka jukut tanggah ka sadapan = ngukur kana kaayaan diri sorangan.
d. lamun keyeng tangtu pareng = lamun digawé enya-enya tangtu bakal aya hasilna.
e. hadé tata hadé basa = hadé tingkah laku jeung hadé omongan.
3. Paribasa panyaram lampah salah
Nyaéta paribasa anu eusina mangrupa panyaram pikeun ngalakukeun hiji hal anu matak ngarugikeun.
Contona:
a. ulah agul ku payung butut = ulah agul ku turunan.
b. ulah adéan ku kuda beureum = ulah ginding ku pakéan meunang nginjeum.
c. ulah biwir nyiru robéngeun = resep nyaritakeun kagoréngan batur.
d. ulah bodo kawas  kebo = bodo kacida.
e. ulah dagang oncom rancatan emas = ngalakukeun hiji hal nu teu saimbang.
f. ulah siga lauk buruk milu mijah = marok-marokeun manéh.
g. ulah meumpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho padahal nyaho (Satjadibrata, 2005).
C. Metode Pangajaran
Babasan jeung paribasa memang rada asing utamina kanggo budak SD, kusabab babasan ogé paribasa geus langka dipaké dina kahirupan sapopoé. Nu paling penting dina ngajarkeun babasan jeung paribasa nyaéta ngalenyepan harti tina babasan jeung paribasa éta jeung ngabiasakeun ngamumulé ku cara dipaké dina kahirupan sapopoé.
Budak mah resepna téh lamun diajarna teu karasa diajar atawa bari ulin. Matak urang salaku guru kudu pinter-pinter neangan cara sangkan ngajarkeun basa Sunda téh dipikaresep ku siswa. Salah sahiji carana maké  kaulinan. Contona dina materi babasan jeung paribasa. Siswa dibagi kana sababaraha kelompok. Tuluy tiap-tiap kelompok giliran kahareupeun kelas jang mawa kertas pasoalan ngeunaan babasan jeung paribasa. Tuluy pasoalan éta téh diperagakeun, aturan na ulah diomongkeun, mung ku gerakan tuluy ditebak ku siswa nu sejen. Kitu saterusna nepi kabéh kelompok kabagéan.


DAPTAR PUSTAKA
Rusyana, Y. (1984). Panyungsi Basa. Bandung: Gunung Larang.
Salmun. (1958). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco.
Satjadibrata. (2005). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.


EmoticonEmoticon