Maling
Hapé (Drama Sunda)
Wanci
burit, Juén tas balik ti imah uwan na. Manehna manggihan hape ngagoler di kebon
deukeut tangkal sampeu.
Juén
: (ulak
ilik ka sakulilingeunana) hape saha eta. . . (Juén nyokot hape tuluy di
ulak ilik handap luhurna eta hape).
Juén
teu loba carita ti semet eta manehna tuluy indit ka imahna.
Juén
: Assalamualaikum . . . .
Assalamualaikum
Ema : Muhun jang antosan
Juén : Enggal ma atuh
Ema : Wa’alaikum salam (bari muka panto)
Aya naon ujang bageur sholeh rurusuhan kieu? Gera ibak heula teras neda.
Juén : Ke sakedap ma penting yeuh. Ieuu . . . . (ngasongkeun
hp)
Ema
: Astagfirullah ujang . . . . ujang
maling?
Juén : Ih henteu ma
Ema
: Bohong! Maenya budak Ema maling?
Astagfirullah . . . Astagfirullah
Juén : ih henteu ma, kupingkeun heula abi
Ema : Atuh éta HP anu saha Juén ? Bapa . . .
bapa . . . (ngageroan)
Bapa : Ke’la ma kagok keur di cai?
Ema : Eta Juén maling HP timana?
Juén : Henteu ma henteu maling. Maenyaabi maling
HP!
Ema : (nyagap
sirah)
Bapa : Aya naon ma ngageroan meni kadéngé saalam
dunya!
Ema
: Gusti bapa éta Juén jadi goreng
patut kieu. . .
Bapa : Goréng patut kumaha? Sakitu bageur,
sholeh, kasép kieu budak bapa teh.
Ema
: ah bapa mah tanya wé ka ujangna (bari ngaléos ka dapur)
Bapa
: ujang kunaon si Ema téh ambek-ambekan
teu pararuguhkawas ceu Ėdoh.
Juén : Kieu pa. . . ieu HP (ngasongkeun HP)
Bapa
: Walah ujang HP téh meni alus kieu.
Hayu ah selfie heula. . .
Juén : Gusti pa ieu mah sanés HP abi, HP batur (bari nabok tarang)
Bapa : Naon? HP saha éta téh?
Juén : Duka pa, abi téh mendakan HP ieu di kebon
caket tangkal sampeu.
Bapa : Oh gara-gara ieu si ema ambek teh?
Juén : Muhun pak, Juén teterang saha nu gaduhna.
Bapa : Simpen heula wé jang. Engke urang pilarian
saha nu gaduh HP ieu.
Juén
: Muhun pa, tapi kumaha si Ema salah
sangka ka abi kieu?
Bapa
: Keun jang ku baoa urang jelaskeun
engké.jeung gera mandi heula terus kade hilap neda.
Juén
: Siap Bapa!
Saenggeus
bérés mandi si juén langsung ka dapur.
Juén
: Ma. . . mana sasarapan kanggo abi?
Ema : Euleuh ujang hampura Ema salah sangka
tadi téh ka ujang.
Juén
: Wios ma teu nanaon, da juén nu lepat
mahteu acan ngajelaskeun nu saleresna ka ema.
Ema : Enya Juén da Ema nyorocos waé nya ka
ujang nu kasép teh.
Juén : Ah Ema mah sok muji wae ka juén téh.
EMA
: Da émang muhun jang. Sok ayeuna mah
neda heula mumpung haneut kénéh.
Juén : Muhun ma
(Teu kungsi lila juén beres daharna)
Juén : Ma. . .
juen mios heula ka sakola
Ema : Enya sok wé juén ema kagok keur gégéroh.
Menta anteur wé ka Bapa.
Juén
: Pa hayu urang angkat.
Bapa : Enya hayu. Bapa geus di luar tatadi!
Juén : Muhun (bari
tuluy lumpat kaluar)
Wanci
beurang barudak kalaluar ti rohangan kelasna sewang-sewangan, maranehna marawa
misting, bekel dahar. Kacaritakeun aya opar budak keur balakecrakdi warung
sakola. Teu kungsi lila Juén nyampeurkeun tilu budak eta.
Iis : Hey hey hey aya Juén.jarempe jarempe.
Juén : Oooouuuh kitu, kuring mah moal diajak?
Iis : Hih Juén tong kitu, sok sok diuk didieu.
(Juén diuk di gigireun
ibing, pas manehna diuk hapé anu disakuan ku manehna disada)
Juén : (Reuwas)
Ibing
: Sora naon eta euy? (ngilikan ka tukang, ka kolong meja)
Juén : (bari
nutupan pesakna) “henteu . . . henteu. . .!”
Iis
& Eulis : (papelong-pelong) ”siga sora telepon”
Juén : Lain ih lain.
Rani
: Aaaah. . . heuh bener eta mah sora
telepon. Cik kaluarkeun kuring hayang nempo.!
Juén
: Lain ih lain hape, geus lah eta mah
tinu batur meureun
Ibing
: (maksa
Juén) aaaah, bener dan tadi kuring ngadenge sorana didieu (ibing mariksa)
(Juén nu ngeukeuweuk pésak calanana. Juén
tungtungna ngaluarkeun hape tina
sakuna)
Eulis
& Iis : Iiiiiiiih tuh nya hp (ngagorowok)
Sasaha
anu aya di warung eta ningalikeun ka riungan Juén, Kaasup Ibu guru anu keur
didinya
Guru : (nyampeurkeun)
aya naon ieu teh? Ririungan meni gararandeng, kahade tong haleureuy wae !
Rani : Henteu bu ieu nuju ningali hapr anu Juén,
meni sae kieu.
Guru : Ih juén naha nyandak hape ka sakola
gening?
Juén
: Henteu bu. . .
Guru : Eta anu tadi dicepeng ku Juén anu saha? (nujuk ka Juén)
Iis : Ibuuuuuu. . . . muhun tadi juén
ngabantun hp.
Guru : Juén waler sing leres, Juén ngabantun hp? (guru nanya ka Juén bari diuk
ngadengekeun Juén)
Juén
: Emmmmm muhun bu Juén ngabantun hp
Iis,
Ibing & Euis :
uuuuuuuhhhhhhhh
Guru : Atos. . .
atos Juén kunaon gening nyandak hape ka sakola? Apan upami ka sakola Mah
teu kenging nyandak hp (Juén tungkul rumasa da ngaakukeun kasalahan)
Juén
: Kieu bu hapé ieu téh sanés kagungan
abi. Hapé ieu abi mendakan di caket rorompok, di caket kebon sampeu Juén teh
atos tumaros ka pun biang sareng pun bapa tapi teu aya nu uningaeun manawi ibu
uninga, saha nu gaduhna?
Guru : Oh muhun tos milarian ka saha deui én ?
Juén
: Tadi tosnaroskeun dibummi, teras
naroskeun ka jalmi-jalmi nu di jalan. Tapi teu aya nu rumaos ical hape bu.
Guru : Ih kade teu kenging kasembarangan jalmi
ditarosan bilih salah jalmi.
Euis : Enya eh kahade. Bade milarian kamana deui
atuh?
Iis : Bade dibantuan ku abi moal milarian
jalmina?
Juén : Duka atuh ka kuring teh bingung kudu
kumaha deui.
Teu
kungsi lina wanci istirahat beak. Barudak ting lulumpatan ka rohangan kelasna
sewang-sewang.
Guru : Tos barudak ayeuna mah ka karelas deui,
tuluykeun dialajarna. Juén hapena pareuman heula nya.
Juén : Muhun bu bade dipareuan heula.
(guru ungkleuk tana
satuju)
Iis : Ibu dikantun heula atuh
Iis,
Juén, Euis, Ibing : Assalamu’alaikum
Guru : Waalaikumsalam
Wanci
pasosoré barudak keur alulin di buruan imah si lilis. Maranehna keur ulin
pecle. Talawengkar nu meujeuhna kapaké buru maranehna dipilih, dijadikeun
kokojo dinu kaulinannana. Teu kungsi lila datang Juén datang.
Juén : Hey keur naraon?
Lilis : Keur maen pecle, Juén hayang ngiluan
nyaaaaa. . . .? hahaha (bari seuri)
ulah maen pecle ih da lalaki mah. (Lilis nunjuk
Juén batur nu sejenna ngilu
nyeungseurikeun)
Arie,
Betri, Indah : enya ih ulah ngilu
ngarewong lalaki mah uuuuuuuuh. . . . !
Juén : Naha ey hayang atuh urang ge ngiluan (tembal Juén bari nyumputkeun barang anu dikeukeuweuk
ditukangeun baju)
Betri : Ai kitu maneh bisa maen péclé én?
Indah : Juén naha leungeuna dikatukangkeun? Siga
aya anu disumputkeun?
Juén : ieuuuuu. . . . ieuuuuu. . . .
Arie : Naon én, tembongkeun geuwat?
Juén : Ieu ieu. . . . (Juén
sieuneun bari nembongkeun hp)
Lilis&Betri : (ngagorowok
bari nunjuk hp) hapeeee. . . . .!!!!!!
Indah : Hp nu saha eta én?
Arie : Ti iraha maneh boga hp?
Betri : Enya ih gaya pisan beunghar euy hayang
atuh nyabak (panasaran)
Lilis : Abi ge hoyong nyabak meni alus pisan ih
hapena.
Juén : Ih da ieu lain hape nu urang (bari
nyingkirkeun leungeun nu nyarabak hp)
Indah : Juén maling???? (reuwas)
Lilis,
Betri, Ari : Iiiiiih dosa. . . !
Juén
: Ih lain kitu. Kieu caritana teh
kuring basa malem senen kamari balik ti imah uwa tah dijalan diditu tuh (nunjuk) deukeuteun tangkal sampeu
kuring manggihan hape ieu, geus ditanyakeun ka mang uho, ka indung bapa kuring
da eweuh atuh nu apaleun! (jentre Juén ka
babaturanana)
(Lilis, Betri, Arie
jeung Indah ngarerepeh ngadengekeun caritaan Juén)
Arie : Hayu ah hey urang tuluykeun peclena keun
si Juén mah tong diajakan bongan geus maling hp.
Lilis,
Betri : Enya ah yuuu hayuuu
(Juén olohok nempokeun
babaturanana maen pecle)
Juén : Heyheyhey déngékeun heula atuh (ngagorowok)
(barudak nu sejenna teu
dipilare)
Juén : Hey ieu hapé teh mahal mun dijual mah
(barudak ngeureunkeun
heula kana kaulinana)
Betri,
Lilis, Arie : Hah mahaaaaal.. .?
Juén : Enya mahal dan lebar mun salah malikeun
mah
Lilis : Enyanu saha atuh sok gera balikeun Juén.
Juén : Puguh da abi ge teu apal keur neangan nu
bogana sugan atuh maranéh aya anu apal teu?
Betri : Duka atuh da kuring mah teu apal nanaon (ngaleos)
Indah : Kuring ge teu apal nu saha atuh nya? (mikir) eh betri dek indit kamana?
Betri : Balik tiheula ah geus burit.
Arie : Kumaha atuh, cik cobaan tanyakeun ka pak
RT
Juén : Ari bumi pak Rt teh dimana?
Arie : Duka atuh. . . . geus ah rek balik heula
geus burit.
Lilis : éh hayu urang teruskeun maen pécléna?
Arie : Enggeusan ah capé
Lilis : Juén hayu maén péclé yuuu. . . (ngajak
juén)
Juén : Embung ah bongan ai tadi kuring hayang
ngiluan meni teu diajakan balik tiheula wé urang mah nya (bari ngaleos)
Lilis : Ih Juén . . . nya atuh kuring ge balik
ah.
Wanci
magrib barudak keur pangajian di masigit, maranéhna diajar élmu tajwid jeung Bu
Widy, Juén lulumpatan ti imahna kusabab geus kaburitan pisan.
Juén : Assalamualaikum
Bu
Widy : Waalaikumsalam
Juén : Bu punten juén nembe dongkap
Bu
Widy : Wangsul timana atuh juén
teh meni kaburitan kieu
Juén : Ieu bu juén wangsul meser
bajigur kanggo pun bapa
Bu
Widy : Oh enya enya sok diuk
diditu
(Bu widy nuluykeun
ngajarna, kitu oge juén nuturkeun pangajianana. Saba’da bu widy beres nyarita,
Bu Widy nanya)
Bu
Widy : Barudak, tah sakitu carita
ngeunaan elmu tajwid teh, aya anu ditaroskeun
(Juén harita teu
ngeunah hate, kusabab manehna hanya nanya ngeunaan hape nu dipanggihan ku
manehna)
Juén : Ni. . ni. . sabenerna urang aya anu
hayang ditanyakeun euy (ngaharewos ka
batur kanu digigireunana)
nani : Sok atuh tanyakeun én meungpeung Bu Widy
na aya keneh didieu
juén
: Tapi kuring era eung
nani : Nya dek nanya naon kat nepi ka era kitu?
Juén : Ieu (ngaluarkeun hp)
Nani : Nu saha eta juén?
Juén : Sssssssttttt jempe ulah gandeng, hp ieu
teh puguhan panimu.
(can
beres juén nyarita Delis geus nanya)
Delis : Panimu timanana eta gening én? Hape alus
kitu
Juén : Kelah panjang caritana mah! Ngan ieu
kuring nanya ulah ka Bu Widy
Delis : Nya sok we tanyakeun we
(juén
ngacungkeun leungeun)
Juén : Bu Juén hoyong tumaros?
Bu
Widy : Mangga juén hoyong naros
naon?
Juén : Kieu bu pekawis nganggo
barang anu batur kumaha bu?
Bu
Widy : Dina make barag batur urang
kudu bebeja heula kanu boga eta barang. Upamana juén bade nambut pulpen ka Nani
tah Juén kedah wawartos ka nani
Juén : Oh kitu nya bu, tapi upamina
urang mendakan hape nu batur kumaha bu?
Bu
Widy : Nah upamina urang mendakan
barang nu urang téh teu apal anu saha. Urang kudu neangan heula saha anu miboga
barang eta.
Juén : Upami sesah milarianana
kumaha bu?
Bu
Widy : Pasihan waktos we sataun
kangge milari nu gaduhna, tah upami dina waktu sataun éta teu aya wae anu
ngaku, mangga wé ku juén manfaatkeun kana kasaéan.
Juén : Oh kitu nya bu (unggeuk)
Bu
Widy : Muhun kitu, kunaon kitu
juén?
Juén : Kieu bu juvn mendakan hp
dicaketeun rorompok juén tos milarian nu gaduhna tapi teu weleh waé, juén
bingung kedah kumaha deui.
Bu
Widy : Juén tos nyobian narskeun
kamana wae?
Juén : Tos nyobian bu ka pun biang,
pun bapa, babaturan sareg guru nu disakola ge teu aya anu uninga.
Bu
Widy : Tos atuh ayeuna mah cik
hurungkeun hpna?
Juén : Kumaha bu Juén teu tiasa
Bu
Widy : Cik atuh ku ibu (Bu Widy ngutak-ngatik hape ti juen dugika
tiasa hurungna) cobi Juén tingali pulsana aya keneh teu?
Juén : Teu terang bu Juén mah da
Bu
Widy : Muhun cik urang dicobian.
Barudak aya anu uninga teu ieu hape saha (bari
ngoprek hapé bu widy tatanya ka
barudak anu keur ngaji didinya)
Juén : Muhun mangga bu
Bu
Widy milih no hape anu aya dina kontak hape eta. Tuluy no nu dipilih sina
ditelepon ku juén, juén palagog peuleugeug nyekel hapena dideukeutkeun kana
ceuli manehna.
Juén : Halo assalamualaikum (juén muka paguneman, disusul tibeh ditu sora
lalaki dewasa anu ngajawab pananyaanana)
Pa
Komar : Hallo wa’alaikumsalam pak
hadi, kumaha pa?
(juén ngorejat ngadenge
ngaran hadi, pikir manehna nu boga hape eta teh pak hadi)
Juén
: Punten pak ieu sanes
sareng pak hadi, ieu sareng juén manawi unina nu kagungan no hape ieu saha?
Pa
Komar : Oooooh muhun pak hadi,
kakantun hapenanya?
Juén : Muhun pak manawi kitu ? bapa
nuju linggih dimana ayeuna? Manawi kersa jajap pak hedi nyandak hapena ieu.
Pa
Komar : Muhun ke sakedap deui bapa
mios, jang juén dimana eta?
Juén : Nuju di masigit pa?
Pa
Komar : Muhun atuh bapa mios
ayeuna. Hatur nuhun Juén.
Juén : Muhun pa sami-sami
Bu
widy nganggeuskeun pangajaranana di masigit ngan aya Bu Widy jeung Juén keur
nungguan nu boga hape datang teu kungsi lila nu boga hape teh datang.
Pa
Komar : Assalamualaikum, dupi ieu
juén téh?
Juén : Sumuhun pa, ieu hapé na.
Pa
Komar : Alhamdulillah hatur nuhun
jang Juén, mugia kasaéan na di bales ku Allah.
Juén : muhun pa, sami-sami.
Hapé
nu dipanggihan ku Juén geus balik ka nu bogana. Lamun urang manggih barang
batur kudu dibalikkeun ka nu ngagaduhan na. Tamat.
EmoticonEmoticon