Monday, 16 January 2017

Sasakala Basa Sunda



Sasakala Basa Sunda
Karya: Rizki Siddiq Nugraha

Basa Sunda nyaéta basa nu dijieun jeung dipaké ku urang Sunda pikeun kaperluan sapopoé. Euweuh katerangan nu nyebutkeun iraha jeung kumaha basa Sunda mimitina. Mung, aya bukti pang kolotna mangrupa prasasti ti abad ka-14.
Prasasti éta kapanggih di Kawali, Ciamis, jeung ditulis dina batu alam maké aksara basa Sunda heubeul. Diperkirakeun prasasti ieu aya sababaraha hiji jeung dijieun di masa pamaréntahan Prabu Adipati Wastukencana (1397-1475).

sasakala basa sunda
Prasasti Kawali

Salah sahiji prasasti éta eusi tulisanna “nihan tapak walas nu siya mulia, tapak inya Prabu Raja Wastu mangadeg di Kuta Kawali, nu mahayuna kadatuan Surawisésa, nu marigi sakuriling dayeuh, nu najur sakala désa. Ayama nu pandeuri pakena gawé rahayu pakeun heubeul jaya dina buana”. Hartina, ieu paninggalan mulia, paninggalan Prabu Adipati Wastukentjana nu nahta di Kota Kawali, nu ngaéndahkeun karaton Surawisésa, nu nyieun parit panahan sakuriling ibukota, nu nyejahterakeun sakabéh negeri. Moga aya nu datang engké jang ngabiasakeun diri nyieun kabajikan méh tahan lila jaya di dunya.
Bisa dipastikeun basa Sunda geus dipaké sacara lisan ku masyarakat Sunda jauh saacan masa éta. Bukti dipakéna basa Sunda (heubeul) sacara tulis, loba dipanggihan leuwih loba tina rupa naskah nu ditulis dina daun (lontar, enau, kalapa, nipah) nu asalna ti zaman abad ka-15. Kusabab leuwih gampang cara nulisna, tulisan naskah leuwih panjang ti prasasti. Sahingga kecapna leuwih loba jeung struktur basana leuwih jéntré.
Conto basa Sunda nu ditulis dina naskah, nyaéta:
1. Tina bentuk prosa di Kropak 630 judulna Sanghyang Siksa Kandang Karesian (1518) “jaga rang héés tamba tuntuh, nginum twak tamba hanaang, nyatu tamba ponyo, ulah urang kajongjonan. Yatnakeun maring ku hanteu”. Hartina, urang kudu saré jang ngaleungitkeun tunduh, nginum tuak jang ngaleungitkeun haus, dahar jang pangleungit lapar, ulah kaleuleuwihan. Kudu inget engké jaga teu boga nanaon.
2. Tina bentuk puisi di Kropak 408 judulna Sékawa Darma (abad ka-16) “ini kawih panyamaran, pikawiheun ubar keueung, ngaranna pangwereg darma, ngawangun rasa sorangan, awakaneun sang sisya, nu huning Séwaka Darma”. Hartina, ieu kidung papatah, jang dikawihkeun, ubar keueung, ngaranna panggerak darma, nu ngawangun rasa sorangan, jang diamalkeun sang siswa, nu ngarti Séwaka Darma.
Jéntré pisan basa Sunda dina masa éta loba diasupan kecap nu dipangaruhan struktur basa Sansekerta ti India. Sabada masyarakat Sunda ngenal jeung nganut agama Islam, jeung negakkeun kakuasaan agama Islam di Cirebon jeung Banten ti panungtung abad ka-16. Ieu bukti pangkolotna pangaruh basa Arab kana kecap dina basa Sunda.
Sairing asupna agama Islam kana haté jeung sagala kahirupan masyarakat Sunda, kecap basa Arab éta loba asup kana kecap basa Sunda jeung geus teu dirasakeun kecap injeuman. Contona, kecap masjid, salat, magrib, abdi, jeung saum.
Pangaruh basa Jawa, basa tatangga, geus dirasakeun ti zaman karajaan Sunda. Paling henteu ti abad ka-11 geus digunakeun basa jeung aksara Jawa dina tulisan prasasti Cibadak di Sukabumi. Ogé aya sababaraha naskah heubeul nu dipanggihan di Tatar Sunda ditulis ku basa Jawa, contona Siwa Buda jeung Sanghyang Hayu.
Mung pangaruh basa Jawa dina kahirupan masyarakat Sunda jéntré pisan ti panungtung abad ka-17 nepi panengah abad ka-19 tina pangaruh Mataram nu asup ka daérah ieu. Dina masa éta basa Sunda pikeun basa tulisan di kalangan kaum élit kadesek ku basa Jawa, sabab basa Jawa dijadikeun basa resmi pamaréntahan. Salain éta muncul tingkatan basa atawa nu disebut undak usuk basa. Mung basa Sunda tetep dipaké basa lisan, basa sapopoé masyarakat Sunda, utamana di padésaan.
Ti panengah abad ka-19 basa Sunda mimiti dipaké deui basa tulis dina sagala tingkatan sosial urang Sunda, kaasup karya sastra. Di panungtung abad ka-19 mimiti asup pangaruh basa Belanda kana kecap oge éjaan tulisan aksara Latin tina pangaruh dibukana sakola-sakola jang rakyat pribumi ku pamaréntahan. Sababaraha basa Belanda asup kana kecap basa Sunda, contona sepur, langsam, masinis, buku, jeung kantor.
Tina diajar di sakola-sakola jeung jadi basa antar etnis dina pargaulan masyarakat, basa Melayu oge mangaruhan basa Sunda. Utamana sabada dipaké basa pemersatu nu dingaranan basa Indonesia di taun 1928. Ti taun 1920-an para ahli jeung pemerhati basa Sunda geus ngeluh ku ayana basa Sunda Kamalayon, nyaéta basa Sunda nu kacampur basa Melayu.
Ti taun 1950-an keluhan éta beuki keras kusabab basa Sunda geus pacampur jeung basa Indonesia, utamana ku urang Sunda nu netep di kota-kota gedé, contona Jakarta ogé Bandung. Loba urang Sunda nu cicing di kota geus ninggalkeun basa Sunda dina kahirupan sapopoéna atawa geus pacampur jeung basa séjén. Kusabab éta, urang Sunda kudu tetep ngajaga jeung maké basa Sunda dina kahirupan sapopoé, sangkan basa Sunda tetep aya jeung jaya.

sasakala basa sunda
Aksara Sunda Buhun

1 comments

Kami lender swasta jeung investor, anjeun perlu injeuman sah, jujur, reputable tur gancang? Abdi tiasa nulungan anjeun kalawan gajian garansi 100%, abdi nawiskeun gajian perusahaan tur individual pikeun dana langkung ogé mibanda sagala jinis proyék. Kanggo inpo nu leuwih lengkep, ngahubungan kami di: godwillloancompeny@gmail.com


EmoticonEmoticon