Friday, 28 April 2017

Biantara



Biantara
Karya: Rizki Siddiq Nugraha

Biantara atawa pidato nyaéta nyarita di hareupeun balaréa dina raraga nepikeun inpormasi atawa hal-hal anu kaitung penting dipikanyaho ku batur, bisa mangrupa sambutan, pangarahan atawa panyuluhan anu sipatna ukur diréspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon. Jalma nu ahli biantara disebutna orator.
Tujuan biantara, nyaéta:
1. Informatif
Nyaéta méré hiji pamahaman atawa inpormasi ka batur. Urang tiasa ngadugikeun inpormasi anu nuju haneut jeung janten bahan omongan di masyarakat kanggo ka pirsawan.
2. Argumentatif
Maksudna, urang tiasa ngayakinkeun jalmi kana hal anu nuju dicarioskeun dina biantara urang jeung pirsawan tiasa yakin kana cariosan urang.
3. Persuasif jeung Instuktif
Nyaéta mangaruhan batur méh daék nurutkeun kahayang urang tur sukaréla. Tujuan biantara ieu leuwih digunakeun kanggé ngagugah sareng ngagerakkeun pirsawan kanggé ngalakukeun hal anu dicarioskeun dina biantara.
4. Entertaint atawa Rekreatif
Nyaéta biantara anu nyieun pirsawan gumbira jeung ngahibur, ku kituna pirsawan gumbira sarta sugema ngadangukeun anu ku urang diungkapkeun. Tujuan biantara ieu lain saukur kanggé nyieun pirsawan gumujeng. Sanajan kitu, ieu gé kedah nyieun anu ngadangukeun ngartos kana naon-naon nu ku urang dicarioskeun. Salian kanggé anu ngadangukeun gumbira jeung gumujeng, émosi maranéhna kabawakeun kana suasana biantara anu ku urang dibawakeun.
Padika biantara atawa cara mawakeun biantara aya sababaraha hiji, nyaéta:

1. Serta Merta (Impromptu)

Biantara

Nyaéta mawakeun biantara teu maké persiapan sarta ngan ngandelkeun pangalaman sarta wawasan. Biasana dina kaayaan darurat loba ngagunakeun métode serta merta. Métode ieu hésé dilakonan upami urang jalmi anu teu gaduh pangalaman dina bidang biantara, bisa-bisa nuju urang dihareupeun pirsawan, urang kalah janten blank atanapi urang janten hilap naon waé anu kedah ku urang dicarioskeun.
Aya sababaraha hiji kauntunganna:
a. Leuwih ungkapkeun rarasaan orator anu sabenerna, kusabab orator teu aya kasempatan kanggo mikirkeun naon-naon anu badé didugikeun.
b. Gagasan anu spontan janten katingalina téh siga seger sareng hirup.
c. Ngajadikeun orator terus mikir.
Aya ogé karugiannana nyaéta:
a. Tiasa janten kesimpulan anu atah kusabab dasar élmu anu henteu memadai.
b. Ngakibatkeun cara nyarios anu henteu lancar sareng seueur eureun.
c. Biasana gagasan nu didugikeun rada acak-acakan jeung ngawur.

2. Ngapalkeun (memoriter)

Biantara


Nyaéta nyieun rencana biantara tuluy ngapalkeunnana kecap per kecap. Métode ieu bakal saé pisan upami urang gaduh émutan anu saé jeung biantara anu ku urang didugikeun henteu panjang. Sanajan kitu, upami urang sok kadang hilap jeung biantara anu ku urang dugikeun téh rada panjang, aya saéna métode ieu teu digunakeun. Kusabab, upami urang hilap di tengah-tengah biantara urang, urang téh bakal hésé deui ngalanjutkeunnana.
Kauntungan métode ieu nyaéta:
a. Kecap anu dipilih kedah leres kusabab aya persiapan nu saé.
b. Upami tiasa ngapalkeunnana, biantarana bakal lancar.
c. Gerak jeung isyarat anu diintegrasikeun ku cara uraian.
Karugianna ngagunakeun métode ieu nyaéta:
a. Biantara katingalina datar sareng bosen, nepi ka orator moal tiasa narik perhatosan pirsawan.
b. Komunikasi pirsawan anu janten sabab orator ngalih kanu usaha kanggo ngingetan kecap.
c. Kedah ayana persiapan anu seueur.

3. Maca Naskah (manuscrip)

Biantara

Ku cara ngagunakeun atanapi maca naskah waktos biantara. Métode ieu nyaéta biantara kalayan ngagunakeun naskah anu geus dijieun saméméhna sarta umumna dipaké dina biantara-biantara resmi. Sareng teu kénging aya kalepatan kecap atanapi dina cara ngadugikeunna. Baheula mah biantara téh ditulis atawa diketik dina kertas. Sanajan kitu, kusabab kamajuan téknologi ayeuna mah tos benten sareng baheula, kitu ogé dina macakeun biantara ayeuna mah ngagunakeun tablet PC atanapi alat anu tos canggih.
Kauntangannana:
a. Kecap-kecap anu dipilih saé nepi ka janten tiasa ngadugikeun hartos anu leres sareng pernyataannana janten tétéla.
b. Pernyataan tiasa dihémat kusabab manuscrip tiasa disusun deui.
c. Kalancaran nyarios kahontal kusabab kecapna atos disiapkeun.
d. Hal-hal anu ngawur atanapi pasalia tiasa dihindari.
e. Manuscrip tiasa diterbitkeun atau diseueuran.
Aya ogé karugianna:
a. Komunikasi pirsawan tiasa janten ngurangan kusabab orator henteu nyarios langsung kanggo ka maranéhna.
b. Orator henteu tiasa ningali pirsawan kusabab manéhna leuwih konséntrasi kana naskah biantara, nepi ka kalengitan gerak jeung janten kaku.
c. Réspon ka pirsawan henteu tiasa ngarobih, mondokan atawa manjangan papatah.
d. Prosés ngajieunna leuwih lami.

4. Ekstemporan

Biantara

Nyaéta ku cara nyandak poko-poko cariosan anu badé didugikeun. Métode ieu nyaéta métode anu lumayan saé jeung gampil digunakeun, urang ngan saukur nyandak poin atawa poko-poko pasoalan anu kedah didugikeun jeung urang ngan saukur kedah berimprovisasi salila urang ngadugikeun eusi biantara. Ieu mangrupikeun salah sahiji métode biantara anu leres lantaran ieu leuwih variatif jeung henteu ningali waé kena naskah.
Kauntunganna ngagunakeun métode ieu nyaéta:
a. Komunikasi anu ngadangukeun jeung nyarios leuwih saé kusabab anu nyarios tiasa nyarios langsung ka anu ngadangukeun.
b. Papatah tiasa fléksibel kanggé diubah sesuai sareng kabutuhan jeung panyajiannana leuwih spontan.
Karugianna ngagunakeun métode ieu ge aya nyaéta:
a. Kedah latihan anu intensif kanggo nu nyarios.
b. Aya kemungkinan pasalia tina garis besarna.
c. Kalancaran nyarios kahambat kusabab héséna milih kecap-kecap.
Wanda biantara atawa jenis biantara aya sababaraha hiji, nyaéta:
1. Ceramah
Nyaéta biantara anu tujuanna keur mapatahan atawa masihan naséhat kanu ngadangukeun. Ceramah tiasa dilaksanakeun iraha waé teu aya saratna, teu gaduh tempat husus kanggo pelaksanaanna, waktuna teu aya watesan jeung saha waé tiasa ceramah.
Ceramah dibagi dua rupa, nyaéta:
a. Ceramah umum, nyaéta ceramah anu ditujukeun keur sakabéh masyarakat anu sipatna maluruh teu ngabédakeun umur, jabatan, jeung matérina gé teu ditangtukeun.
b. Ceramah husus, nyaéta ceramah anu ditujukeun ka sabagian kelompok anu sipatna husus, nu ngadangukeun jeung materina ge disaluyukeun jeung acara.
2. Pamapag atawa sambutan
Nyaéta biantara anu ditepikeun dina hiji acara kagiatan atawa kajadian nu tangtu bisa dipigawé ku sawatara urang jeung wayah anu katewas sacara gunta-ganti.
3. Pedaran/bahasan hiji pasualan
Nyaéta biantara anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji obyék, prosésna, tujuanna, jeung gunana nu ditujukeun pikeun ngajembaran pangaweruh anu ngadangukeun.
4. Natar (up greading)
Dina perkawis organisasi nyaéta kanggo ngaronjatkeun mutu organisasi sareng anggotana. Salian éta, sacara normatif up greading dilaksanakeun supados saban pangurus, utamana jajap angkatan jadi silih mikawanoh.
5. Laporan
Nyaéta biantara anu eusina ngalaporkeun hiji pancén atawa kagiatan.
6. Kampanyeu atawa propaganda
Nyaéta biantara anu tujuanna meunangkeun pencapaian pangrojong, usaha kampanyeu tiasa dipigawé ku perorangan atawa sakelompok jalmi anu terorganisir kanggo ngalakukeun pencapaian prosés ngajieun kaputusan dina hiji jumplukan. Kampanyeu biasa ogé dipigawé guna mangaruhan, ngahambat, jeung ngabelokeun pencapaian.
Saméméh méré biantara di hareup umum, aya saéna pikeun ngalakonan persiapan di handap ieu:
1. Nyaho wawasan anu ngadangukeun biantara sacara umum.
2. Nyaho lilana wayah atawa durasi biantara anu baris dibawakeun.
3. Nyusun kecap-kecap anu gampang dipahaman sarta jelas.
4. Nyaho jenis biantara sarta téma acara.
5. Nyiapkeun bahan-bahan sarta perlengkapan biantara.
Carangka biantara aya sababaraha bagéan, nyaéta:
1. Bubuka
Bubuka dina biantara diwangun ku sababaraha unsur, nyaéta:
a. Salam bubuka
Salam ieu téh bisa ku ngucapkeun assalamu’alaikum atawa bisa ku ngucapkeun sampurasun.
b. Puji sinareng sukur ka Alloh sareng shalawat ka Rosul.
c. Ucapan hormat ka para inohong.
d. Ucapan hormat ka pirsawan.
2. Eusi
Eusi biantara téh mangrupa bagéan anu pangpentingna dina biantara. Eusi biantara téh diwangun ku tilu perkara, nyaéta:
a. Pedaran
Bagéan ieu eusina perkara naon waé anu rék ditepikeun ka pirsawan, biasana dumasar kana tujuan biantara.
b. Cindekna
Mangrupa kacindekan tina pedaran anu geus ditepikeun.
c. Anjuran
Dina bagéan ieu ditepikeun anjuran atawa harepan ti nu biantara ka pirsawan, utamana raket patalina jeung eusi pedaran.
3. Panutup
Panutup biantara nyaéta anu nétélakeun yén biantara téh geus réngsé. Panutup biantara diwangun ku sababaraha perkara, nyaéta:
a. Nganuhunkeun kana perhatosan pirsawan.
b. Ménta dihampura tina kakurangan nu aya dina biantara.
c. Du’a.
d. Salam panutup.
Unsur-unsur dina biantara, nyaéta:
1. Orator (nu nepikeun biantara)
Salah sahiji perkara anu kudu diperhatikeun ku orator téh salian ti bahan-bahan keur biantara nyaéta dangdanan atawa pakéan keur biantara. Kaayaan pakéan éta téh mangaruhan kana ajén hasil biantara. Aya sababaraha perkara ngeunaan pakéan anu kudu diperhatikeun ku urang lamun rék ngalakonan biantara, nya éta :
a. Pakéan misti saluyu jeung kaayaan.
b. Pakéan misti saluyu jeung pirsawan.
c. Pakéan misti saluyu jeung maksud carita.
d. Pakéan misti merenah jeung sopan.
e. Pakéan misti nambah komara jeung mawa simpatik.
2. Bahan biantara
Aya tilu tahapan nu ku urang kudu dilakonan dina nyiapkeun bahan (matéri) biantara, nyaéta :
a. Nyusun carangka biantara.
b. Ngumpulkeun bahan pikeun eusi biantara, boh tina pangalaman, ogé bacaan.
c. Nulis naskah biantara salengkepna.
Sajaba ti éta, aya ogé sababaraha perkara anu bisa dijadikeun dadasar pikeun urang dina nyusun naskah biantara, nyaéta :
a. Tujuan biantara.
b. Kasang tukang pirsawan, nya éta  umurna, agamana, tingkat pangaweruhna, pacabakan kasabna, kamasarakatana, kalangenannana.
c. Harepan pirsawan nu patali jeung biantara.
d. Kajadian naon nu anyar di masyarakat (lingkungan) pirsawan.
e. Sipat hadé pirsawan nu nyongcolang.
3. Pirsawan
Pirsawan teh nyaéta kaum dangu anu ngadangukeun biantara urang. Lamun teu aya pirsawan atanapi kaum dangu, tangtu tujuan tina biantara téh moal laksana. Didieu baris dijelaskeun sababaraha hal anu aya patalina jeung cara ngatur pirsawan, nyaéta:
a. Pirsawan misti ngumpul (teu bacacar) jeung deukueut ka nu biantara.
b. Pirsawan misti ningali ka nu biantara (teu kahalangan panitena).
c. Pirsawan nu jadi tuju kecap sina di hareup.
d. Pirsawan misti rada anggang (carang) jeung papadana lamun urang ngaharepkeun pirsawan wanian.
e. Pirsawan misti pagégéyé lamun urang ngaharepkeun pirsawan tumut kana eusi biantara.
f. Pirsawan misti sina di nu poék lamun rék disugésti kuat.
g. Pirsawan nu jadi tuju kecap sina di hareup.


EmoticonEmoticon