Wednesday, 31 January 2018

Sajak Sunda



Sajak Sunda
Karya: Rizki Siddiq Nugraha

Sajak Sunda

Sajak nyaéta karya sastra wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan-patokan, nu matak sok disebut ogé sajak bébas atawa puisi modérn. Bébas didinya, tangtuna ogé rélatif. Upami dibandingkeun jeung guguritan anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bébas. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.
Sajak kauger ku diksi jeung wirahma. Wirahma mangrupakeun ciri utama anu ngabédakeun wangun ugeran jeung wangun lancaran. Wirahma karasa leuwih nonjol dina sajak, bisa jadi lantaran uger-ugeran séjén seperti nu aya dina pupuh teu kapaké.
Dumasar kana unsur-unsurna, sajak diwangun ku sababaraha unsur, diantarana:
1. Imaji gambaran anu karasa, kadangu, jeung katénjo sanaos ngan ukur dina bayangan.
2. Simbol, nyaéta harti injeuman pikeun ngébréhkeun maksad eusi sajak.
3. Irama atawa wirahma nyaéta panjang pondokna nada dina lagu.
4. Téma nyaéta inti tangtungan atawa inti ageman anu sipatna abstrak.
5. Gaya basa dina sajak bisa kapangurahan ku pangalaman atawa kasangtukang pangarang sajak.
Aya sababaraha perkara anu tiasa ku urang diperhatikeun lamun badé nulis sajak:
1. Milih téma anu cocok.
2. Jembaran kosakata basa sunda, sangkan kecap-kecap dina sajak téh beuki genah tur merenah, bisa ogé ku cara loba maca carita sunda.
3. Sing sering jeung leukeun maca sajak pikeun nambihan pangaweruh ngeunaan sajak.
4. Sering latihan nulis sajak, beuki sering latihan, pasti bakal leuwih alus kualitas sajakna.
Dina kagiatan maca, neuleman, ngararasakeun, jeung ngajén teks sajak téh kudu dipilampah kalawan daria, sabab ieu kagiatan téh kawilang nu pangutamana, éta kagiatan téh bisa dibagi deui jadi tilu rupa, nyaéta (1) ngaguar teori sastra, (2) ngaguar éséy, jeung kritik sastra, sarta (3) ngaguar sajarah sastra.
Cara kahiji, nyaéta kagiatan nalungtik kumaha wangun sajak, kumaha fungsina, jeung kamana pangalaman-pangalaman sastrawan nu dideudeul ku rupa-rupa karya sastra nurutkeun pamanggih atawa analisis para ahli teori sastra.
Cara kadua, nyaéta kagiatan ngaguar karangan-karangan atawa éséy anu aya patalina jeung karya sastra, nu medar ngeunaan hadé jeung gorengna éta sajak.
Cara katilu, nyaéta kagiatan ngaguar kamekaran sastra ti mimiti gelar nepi ka kiwari, boh lobana karya sastra nu gélar, ajén sastrana, boh tokoh nu kalibet dina kamekarannana.
Hal-hal anu kudu diperhatikeun sateuacan maca sajak, nyaéta:

1. Nyurahan sajak
Pamaca sajak kudu bisa nyurahan eusi sajak saméméh midang. Pamaca sajak kudu bisa ngahartikeun eusi sajak, atawa paling saeutik kudu bisa ngararasakeun suasana, émosi nu nyangkarung dina hiji sajak. Napsirkeun sajak bisa ku cara parafrase nyaéta ngarobah hiji puisi jadi prosa ku cara nambahkeun kecap-kecap sorangan kana sajak nu nyababkeun sajak jadi gampang dipikaharti, atawa ngahartikeun deui eusi sajak ku kecap jeung kalimah sorangan.
Pamaca sajak kudu eungeuh kana kecap-kecap konci dina hiji sajak. Upamana dina hiji sajak aya kecap ceudeum, kulawu, berewit, késang, cimata, bisa ditangktukeun yén éta sajak téh moal jauh ti nyaritakeun kasedih. Mun dina hiji sajak aya kecap seuneu, ngagedur, peureup, beureum, bisa ditangtukeun yén eusi sajak téh nyaritakeun sumanget atawa kaambek.

2. Lenyepan
Lenyepan ditangtukeun pisan ku hasil tina nyurahan kana hiji sajak. Mun nyurahanana kaliru, tangtu baé lenyepan dina maca sajakna ogé bakal kabawa salah. Upamana baé, hiji sajak nu eusina nyaritakeun kasedih, der digalantangkeun bari ambek tipopolotot, atawa sabalikna ti éta. Alhasil, pamaca sajak kudu bener-bener bisa nyurahan heula hiji sajak saméméh magelaran.
Lenyepan ogé kuat patalina jeung émosi. Hiji sajak kudu dibaca luyu jeung rasa atawa émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Takeran rasa kudu pas jeung eusi sajak. Mindeng urang nyaksian pamaca sajak ngadon nyegruk atawa ceurik balilihan.

3. Artikulasi
Artikulasi dina maca sajak nyaéta kajéntréan lebah ngucapkeun hurup, kecap, atawa kalimah. Dina maca sajak aya nu disebut cacad artikulasi, nyaéta teu jelas dina ngucapkeun hurup lantaran létah si pamaca henteu nepi kana wewengkon artikulasi.
Upamana dina ngucapkeun hurup M biwir kudu rapet, jeung sajabana. Mun artikulasina teu jéntré, nu ngabandungan bakal jéngkél jeung sajakna ogé bakal teu puguh kapirengna. Aya sawatara cara pikeun latihan artikulasi, diantarana ngalapalkeun kalawan gancang kalimah-kalimah nu hésé.

4. Intonasi
Intonasi téh lagu kalimah atawa lentong. Intonasi dina maca sajak ditangtukeun pisan ku sajakna. Intonasi karék bisa genah karasana lamun pamaca sajak bisa nyurahan  tur ngalenyepan eusi sajak. Réa pamaca sajak nu ngaheulakeun lentong batan ngalenyepan sajak. Lentong mah bakal nuturkeun mun pamaca sajak bener-bener geus ngajiwaan eusi sajakna.

5. Wirahma
Wirahma  téh nyaéta turun-naékna, panjang-pondokna, tarik alonna maca sajak.  Nya  wirahma pisan nu ngalantarankeun rasa jeung pikiran dina sajak terus karasa ku audien, ngawangun imaji nu hirup tur jéntré. Wirahma ngawujud tina tekenan-tekenan kana kecap. Aya nu disebut tekenen dinamik; tekenen tarik jeung alonna ucapan.
Tekanan Nada; luhur jeung handapna sora. Tekanan Tempo; gancang jeung ancana dina ngucapkeun kalimah. Sing jadi catetan yén pamaca sajak téh kudu ati-ati dina ngagunakeun témpo. Témpo kudu pas, ulah gancang teuing boh anca pisan.

6. Randegan
Randegan atawa jéda téh nyaéta eureun sakedapan. Pamaca sajak dina macana teu nurugtug kitu baé. Lian ti ngarandeg dina tanda-tanda baca, atawa antara pada jeung pada, pamaca sajak ogé kudu ngarandeg lebah kalimah-kalimah penting dina sajak, sangkan audien bisa ngalenyepan éta kalimah penting. Randegan kieu téh digunakeun saperluna baé, sabab lamun mindeng teuing mah bakal mangaruhan kana témpo.

7. Klimaks
Sajak anu bakal geunah kadanguna nyaéta sajak anu dibaca atra jeung karasa klimaks atawa puncakna sarta pamaca bisa ngabina puncak. Nu disebut ngapuncak téh nyaéta nahan émosi, nahan sora, nahan témpo, saméméh nepi ka puncakna dina éta sajak.
Upama hiji sajak diwangun ku opat pada, tur klimaksna aya di pada katilu, pamaca sajak kudu bisa nahan émosi, témpo, sora dina pada kahiji. Dina pada kadua, émosi, sora, témpo, mimiti ditingkatkeun. Dina pada katilu (puncakna téa), émosi, sora jeung témpo dimaksimalkeun pisan. Dina pada kaopat minangka antiklimaks-na, émosi, sora jeung témpo diturunkeun deui. 

8. Pasemon jeung réngkak
Pasemon tangtuna ogé diluyukeun jeung rasa nu nyangjaruk dina sajak nu dibaca. Pasemon, ruak-riukna pamulu, gular-gilerna panon, ditangtukeun pisan ku jero déétna panglenyepan kana sajak nu dibaca. Sedengkeun réngkak; usikna leungeun, meureup, ngacung, gilek sirah, gejlig atawa léngkah, fungsina pikeun leuwih ngajéntrékeun naon maksudna eusi sajak. Réngkak ogé kudu puguh maksudna. Réngkak nu réa usik, bisa jadi matak teu puguh kana naon nu rék dijéntrékeun.

Diténjo tina wangun jeung eusina, ragam sajak téh kabagi jadi:

1. Sajak épik
Sajak épik, nyaéta sajak anu eusina ngandung carita kapahlawanan anu aya patalina jeung sasakala, kayakinan, jeung babad. Sajak munggaran anu kalebet sajak épik dikarang ku Ajip Rosidi nu judulna Janté Arkidam taun 1956.
Janté Arkidam

Panonna beureum siki saga
Leungeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Janté Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggeng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Janté Arkidam

Ti peuting angkeb ku mendung
Janté raja alam petang
Matek aji panawangan
Manjing ka liang sasoroting sinar
Jaruji beusi pakgade milang ku ramona

Ngagisik hayang sidik
Janté mencrong mantri pulisi:
“Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang
ngabokong jalma keur tibra !”

Ardikam ditalikung leungeun dua
Sorot matana ngentab seuneuan

Samemeh béak poa kahiji
Janté minggat nitih cahya
Kaluar ti panjara

Samemeh cuntuk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan

2. Sajak naratif
Sajak naratif, nyaéta sajak anu eusina ngandung hiji carita atawa biasa disebut balada. Anu kaasup kana balada téh nyaéta folk ballad jeung literary ballad, anu ngisahkeun kahirupan manusa ku sipat asih, dengki, boh timburuna. Wangun séjénna anu kaasup sajak naratif nyaéta poetic tale anu eusina nyaritakeun dongéng. Contona:
Ruhak
Geuning anjeun lir arjuna sasab
Mentangkeun rewuan jamparing
Nu kapentang lir di usap angin
Sumilir serah bongkokan
Geuning anjeun lir arjuna kasmaran
Ngiceupan rewuan bidadari
Nu kabandang kumalayang
Katiru arti
Geuning anjeun lir arjuna édan
Malati ladang metik terus dijeuwang
Aing lain aswatama sumegruk
Bima nu siap padungdung ngababuk jajantung

3. Sajak lirik
Sajak lirik, nyaéta sajak anu eusina ngabréhkeun naon anu dirasakeun ku manah hiji jelma. Wangun sajak lirik seueur ditulis dina khazanah sastra modérn, contona:
Honcéwang
Langit angkeub nyimbutan katumbiri
Panon poé surup ninggalkeun bumi
Salira teu béngras sabihari
Angin tiis pamirig kapeurih ati
Paneuteup teu anteb siga sasari
Sakolébat ngajorelat balieus ka jisim diri

Kunaon langit teu béngras lénglang
Sedeng haté mitineung ringrang honcéwang
Naha kunaon katumbiri taya gumawang deui
Maturan kuring nu ngalagena ati. Jsté.

4. Sajak dramatik
Sajak dramatik, nyaéta sajak anu eusina ngagambarkeun paripolah hiji jelma, boh digambarkeun ku kalakuan, dialog, atawa monolog. Contona:
Sajak Perawagan
Poé ieu ngageuleuyeung dina sédan bmw taun akhir
Mencrong sawah salin jinis jadi pabrik
Sapi cacingan, orok ceurik teu kasusuan, patani keur ngaboséh béca
Lagu rock, barudak buligir ajrag-ajragan na kamalir nu pinuh sasalad. Jsté.

5. Sajak didaktis
Sajak didaktis, nyaéta sajak anu eusina ngandung pangaweruh atanapi nilai-nilai atikan. Contona:
Guru
Karya: Siti Wasilah
Pengabdian, pangorbanan
Nu atos ibu bapak guru korbankeun
Moal ka étang
Moal ka bayar ku saukur ucapan nuhun
Moal ka ganti ku intan jeung berlian
Moal leungit ku gedé na ombak samudra
Jasa jasa ibu bapak guru
Tos nyaangkeun haté simkuring
Nu poék mongkléng tanpa pangaweruh
Dugika sapertos ayeuna

6. Sajak satirik
Sajak satirik, nyaéta sajak nu eusina ngandung sindiran atawa kritik ngeunaan kahirupan masarakat. Contona:
Taun 2000 Aya Kénéh Lembur?
Taun 2000 aya kénéh lembur?
Ngan ranteng kawat listrik, sinyal-sinyal jeung kotak kaca ngalimpud beton
Ti gang ka gang aya élévator, lampu disko, jeung papan reklameu
Panggih dihiji lembur pinuh ku amparan aspal jeung plastik
Sora radio jeung angina bayeungyang
Mawa titipan pakét dongéng purba. Jsté.

7. Romance
Romance, nyaéta sajak anu eusina ngébréhkeun rasa asih atawa cinta ka hiji jelma. Contona:
Parapatan Katrésnan
Tah didinya di tempat éta
Urang duaan pateuteup soca
Tah harita lebah dinya
Dag dig dug haté masih karasa
Parapatan lebah pudunan
Urang nepungkeun kaasih katrésnan
Saksi rundayan katrésnan waktos tepung munggaran
Tah didinya di péngkolan simpang lima
Salira nyepeng panangan ngedalkeun kaasih kacinta. Jsté.

8. Elegi
Elegi, nyaéta sajak anu ngabréhkeun kanalangsaan atawa kesedihan. Contona:
Asih nu Mawa Peurih
Asih surup ngudag srangéngé
Haliwungna ati anu ngageuri
Kembang trésna ngawangu wayahna
Rumasa raga teu walakaya
Geuning enya diri ngarasa
Lieuk euweuh ragap teu aya
Ukur keclak ibun katrésna
Ngalemberéh maseuhan satia
Naha enya teu aya harga? Jsté.

9. Ode
Ode, nyaéta sajak anu eusina ngandung pujian kanggo jelma anu miboga jasa jeung sifat kapahlawanan. Contona:
Pahlawan Toha
Arinyana datang ka Indonésia
Rék ngagahgal nyawa
Rék ngarebut nagara
Lain heuheureuyan
Lain heureuy-heureuyeun
Lain heureuyaneun
Ngéntab amarah patriot Toha
Ngeleb wawanéna
Sumangetna ngagedur museur kana gudang mesiu
Gudang mesiu kudu ajur
Mamatih angkara kudu diala. Jsté.

10. Himne
Himne, nyaéta sajak anu eusina ngébréhkeun rasa cinta ka Gusti atawa ka bangsa jeung lemah cai. Contona:
Lembur Panineungan
Hujan nu ngaririncik mawa lamunan nu lawas katukang
Katembong lebah tanjakan tutuwuhan arajeg mapay ngajajar
Gunung nantung bangun taya kasuwung
Sawah ngeplak lir ibarat permadani nungampar ngagelar
Bréh ka béh kidul...
Walungan matak waas tetempoan
Tangkal kihurip ngareuy mapay dahan muncang sisi gawir
Bray ka belah kulon ngembloh satungtung panenjo
Kebon sabangsaning palawija selang sekar dipelakna
Tanah pasundan tanah kahuripan
Lembur kuring panineungan


EmoticonEmoticon