Kecap Rajékan
Karya: Rizki Siddiq
Nugraha
Kecap rajékan
nyaéta kecap anu wangunna disebut dua kali atawa leuwih, boh sabagian atawa
sagemblengna. Kecap rajékan aya sababaraha macem, nyaéta:
1. Rajékan dwipurwa
Rajékan dwipurwa nyaéta kecap anu dirajékna engang mimiti. Contona:
Sapu : sasapu
Sentak :
sesentak
Dupak :
dudupak
Tanya :
tatanya
Letak :
leletak
Conto kalimah:
Udin sasapu
di pakarangan.
Ti isuk-isuk
ema sesentak waé.
Ulah dudupak
mun leumpang téh!
Mun nyasab mah
tatanya wé.
Kahade gogog
éta mah sok leletak.
2. Rajékan dwimadya
Rajékan dwimadya nyaéta kecap anu dirajékna engang di tengah. Contona:
Sabaraha :
sababaraha
Sapeuting :
sapeupeuting
Sapoé :
sapopoé
Salembur :
salelembur
Sajalan :
sajajalan
Conto kalimah:
Geus sababaraha
poé mang Ujang teu balik ka imah.
Kuring teu
bisa saré sapeupeuting.
Indit ka
sakola téh geus jadi pagawéan sapopoé.
Kalakuan Icih
mah matak guyur salelembur.
Sajajalan
tetempoan téh éndah.
3. Rajékan dwilingga
Rajékan dwilingga nyaéta kecap anu dirajékna sakabéhna. Rajékan
dwilingga aya dua (2) macem, nyaéta:
a. Dwimurni
Dwimurni nyaéta kecap anu dirajékna sagemblengna bari teu dirobah
sorana. Contona:
Budak :
budak-budak
Leutik :
leutik-leutik
Guru :
guru-guru
Buku :
buku-buku
Kaca: kaca-kaca
Contoh kalimah:
Budak-budak
gé geus pohoan.
Leutik-leutik
ulah sok iinditan peuting.
Guru-guru
keur rapat.
Pang mawakeun buku-buku
nu aya dina lomari!
Mang Iwa keur
nyieun kaca-kaca.
b. Dwiréka
Dwiréka nyaéta kecap anu dirajékna sagemblengna bari robah sorana.
Contona:
Balik : bolak-balik
Lieuk :
luak-lieuk
Ilik :
ulak-ilik
Tulang :
tulang-taléng
Tulis :
tulas-tulis
Conto kalimah:
Titatadi Eman
katempo bolak-balik waé.
Saacan meuntas
téh kudu luak-lieuk heula bisi loba mobil.
Indit ka kota
téh kur érék ulak-ilik hungkul.
Rajen méré kur tulang-taléng.
Ulah sok tulas-tulis
dina tembok.
4. Rajékan trilingga
Rajékan trilingga nyaéta kecap rajékan tilu kali bari ngarobah sora.
Ilaharna kecap anu dirajék téh ngan ukur saengang. Contona:
Hah :
hah-héh-hoh
Blag :
blag-blig-blig
Pak : pak-pik-pek
Conto kalimah:
Manéhna
nyarita meni hah-héh-hoh.
Barudak blag-blig-blug
lulumpatan di nu leueur.
Kusabab
sakeudeung deui rék indit, Mirna meni pak-pik-pek.
EmoticonEmoticon