Sawér
Karya: Rizki Siddiq
Nugraha
Sawér nyaéta
salah sahiji adat urang Sunda mangrupa warisan karuhun baheula saméméh
masarakatna ngagem agama Islam. Sawér digelar dina runtuyan upacara kariaan
kawinan jeung nyunatan. Tujuanna pikeun mapatahan ka pangantén atawa budak
sunat. Biasana sawér dihariringkan ku juru kawih atawa ku nu ngadangdanan
pangantén atawa budak sunat. Kawihna teu ku basa lancaran sarta basana maké
basa siloka anu miboga harti leuwih teleb.
Sawér aya nu
diwangun ku opat padalisan dina sapadana, tapi aya ogé anu mangrupa dangding.
Anu opat padalisan nyoko kana pupujian atawa sisindiran, sedeng nu mangrupa
dangding nyoko kana aturan pupuh. Pupuh anu dipaké umumna kinanti, sinom, jeung
dangdanggula. Sanggeus masarakat Sunda ngagem agama Islam, sawér masih
digunakeun ngan rumpaka bubuka aya nu robah.
Conto rumpaka
sawér pangantén saméméh Islam:
Pun sampun amit paralun
Ka Batara ka Batari
Nu di luhur nu di handap
Nu ngageugeuh bumi langit
Di buana panca tengah
Nu ngajaring beurang peuting
Conto rumpaka
sawér pangantén sabada Islam:
Assalamualaikum,
Neda widi nya ka Gusti
Neda berkah ka Pangéran
Rék ngawih pupuh Kinanti
Kuring seja mapatahan
Pangantén pameget istri
Conto sawér
budak sunatan:
Kasép ieu téh piwejang
Poma tengetkeun ku Ujang
Masing éling sapapanjang
Awon ulah katarajang
Sing émut waktu dikandung
Di guha garba nyalindung
Salapan bukan dikandung
Dirajah ku lagu kidung
Sabulan eukeur ngahérang
Tilu bulan geus sampurna
Genep bulan geus mangrupa
Tujuh bulan hidep usik
Nitih bali nincak jadi
Nepi ka salapan bulan
Nya gubrag hidep ka dunya
Sang Ratu Guyubud Putih
Ibu anu kahéséan
Sabab boga kalakuan
Jadi ibu katempuhan
Malah rajeun kasusahan
Peuting Ibu loba nyaring
Sabab Ujang sok ngarungsing
Duh poma teuing anaking
Kanyaah ka Ibu cangking
Mun Ujang kulem tibeurang
Ibu tara betah nganjang
Ku sabab ka ujang melang
Ujang ka Ibu sing nalang
1 comments
lancar betul bahasa jawanya,..
EmoticonEmoticon